Category: Basa Sunda

Kersaratu dalam Kenangan; Perpisahan KKN IAID Ciamis 2010

Paturay tineung; Perpisahan KKN IAID Ciamis tahun 2010 di Desa Kersaratu Kecamatan Sidamulih Kabupaten Ciamis, Hari Selasa, 03 Agustus 2010, pukul 10.00 WIB. Diaping ku hariring asih, dijajap kuhaleuang tresna.

Puji syukur… Milik dzat nu Maha Gofur. Nu maparin panjang umur. Mugia urang tiasa tadabbur, tetep tafakkur sareng tasyakur.

Rahmat salam ka jungjunan, Muhammad panutan alam, kulawargi sahabatna. Kum, ummat kabalateran.

Kalih perkawis, abdi sadaya ngahaturkeun nu saestu, ka warga Desa Kersaratu anu tos ngamparkeun sagara kanyaah, nyimbeuh ranggeuyan kadeudeuh… ditampi ku hasta, kalih dua panangan terbuka. Beurat nyuhun beurat nanggung, beurat narimakeunana. Mugi Alloh ngabalesna.

Ijiran wanci, udagan mangsa. Antara nu kasampeur jeung ditinggalkeun… aya kecap pang wilujeng, mirupa patok-patok lalakon. Read more »

Pidato Basa Sunda; Miéling Poé Kamerdékaan

Assalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh

Taya ucap sareng kalimah anu utama lintang ti muji syukur ka Hadirat Alloh Anu Maha Ghafur, Pangéran anu Bageuran tur Héman. Dina danget ieu kalayan kudrot sareng irodat Mantenna urang sadaya tiasa kumpul ruing hémpak merbayaksa dina ieu tempat. Pamugi kasumpingan urang sadaya ginuluran karahayuan, bagja, salamet, tur barokah di Gusti Nu Maha Suci. Read more »

Teks Pidato Basa Sunda “Ngawangun Nagri nu Utami”

Tulisan ini disusun dalam rangka menyambut Hari Jadi Kabupaten Ciamis yang ke-368. “Dirgahayu Tatar Galuh-Ciamis, Semoga pintu keberkahan selalu terilimpahcurahkan kepada kita semua, amin”

Innal hamda kullahu lillah. Nahmaduhu wa nastai’nuhu wa nastagfiruhu wa na’udzu min syururi anfusina wa min sayyiati a’malina. Mayyahdillahu fala mudzilallah wama yudlilhu fala hadiyalah. Read more »

Nasakah Panatacalagara dina Acara Paturay Tineung Sakola

Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Alhamdulillahilladzi aujaba ‘alaina bil jama’ah wa nahana ‘anit tafaruqi wal ‘adawah. Ash-shalatu was salamu ‘ala rasulillah, sayyidina Muhammadibni ‘abdillah wa ‘ala alihi wa shahbihi wa maw walah, amma ba’du.

Sugrining puji kasangga ka Gusti Nu Maha Suci, sadaya puja kasangga ka Pangéran Nu Maha Kawasa. Kalayan qudrot sareng irodat Mantenna urang sadaya dina danget ieu tiasa kumpul riung, amprok jonghok, hempak merperbayaksa dina tempat anu kalintang nyugemakeunana. Read more »