Cai laut nu ngagulung, ngaguruh mancawura ngudag-ngudag kalangkang kuring. Daun pandan ting arulang siga nu ngagupayan ngajak mulang. Ti kajauhan kadenge sora nu ceurik lapat-lapat siga nu kanyenyerian. Cai laut Pangandaran tetep nyeah mapaesan hate kuring nu tagiwur tur tugenah. Duh Gusti, Gusti Robbuli’zzati… nitip hate kuring di sisi laut Pangandaran.
Aya carita nu moal lali. Di tungtung kulon, basisir Pangandaran. Aya titimangsa nu teu weleh ngancik dina ati. Mapaesan pikir nu keur kasmaran. Di dinya harita urang pasini janji. Rido rek hirup babarengan. Ombak jeung wahangan nu jadi saksina. Eta carita moal ilang kulunturna zaman.
Di Leuwi Citumang bulan bentang narembongan. Hawar-hawar aya tembang. Tembang asih tembang kadeudeuh duaan. Di Leuwi Citumang anjeun ceurik balilihan. Muntang kana pangharepan. Cinta urang mugi asih papanjangan. Kabaseuhan cai kaheman. Kaceretan ibun kamelang. Meungket pageuh geter rasa kahariwang. Hariwang cinta urang panungtungan. Download Gambar!
Kungsi urang datang ka Pangandaran. Harita anjeun anu ngajak lalayaran. Nya di dinya silih simbeuh ku kadeudeuh. Silih pentang kanyaah pinuh katresna.
Asih urang kabayang moal rek manjang. Geuning cinta nu urang pinuh panghalang. Hate peurih mun ngarandapan pipisahan. Sok palaur Pangandaran ngan saukur jadi babasan
Waktu kuring niis di Basisir Karangnini. Nganti-nganti hiji mojang pujaan ati. Buyar rasa ku ayana datang ombak. Nu ngagulung ninggang karang mancawura.
Firasat jiga nu datang gogoda. Rasa tresna ngan ukur nepika dinya.